Carita Pantun Kembang Panyarikan

(Cerita Rakyat Daerah Jawa Barat)

Carita pantun1 merupakan karya sastra Sunda buhun (klasik) peninggalan karuhun (nenek moyang) yang berkembang secara lisan (dari mulut ke mulut) dan menjadi milik masyarakat. Carita pantun termasuk jenis karya sastra lisan Sunda "asli" karena di dalamnya relatif belum terpengaruh sastra Jawa atau Melayu. Isinya umumnya melukiskan kebesaran dan keagungan kerajaan Pajajaran. Kapan ceritera ini bermula sulit diketahui dengan pasti. Namun demikian, dalam naskah Sunda Sanghyang Siksa Kanda Ng Karesian yang ditulis pada tahun 1440 Caka atau 1518 carita pantun telah disebutkan.

Dewasa ini apa yang disebut sebagai carita pantun sebagian telah dibukukan. Sedikitnya ada 76 carita pantun yang telah dibukukan2. Dan, salah satu diantaranya adalah yang saya kemukakan dalam artikel ini, yaitu Carita Pantun Kembang Panyarikan. Pantun ini cukup banyak pendukungnya terutama di kalangan sesepuh di Kabupaten Kuningan.

Teks Carita Pantun Kembang Panyarikan
Asyhadu alla ilaha ilallah, wa asyhadu anna muham-madar rasulullah.

Sang pedah putri manik, sap kaen sang pada herang, nang manik geusan tetep, sing araning menyan, sang limar putih ratna, cur kumancur pangabukti kaula, kang wecan ku-ma ceuk Alloh, ka kawasa, ka pangeran, ka aulia sanga... karo, ka rasulullah muhammad, sim jisim muhammad, sayi-dina muhammad, Alloh huma soli ala sayidina, Alloh Alloh sayidina muhammad.

Ya Alloh, sim kuring ngaula pihatur, ngahaturkeun pangabakti, ka wa dalem dingin, ka embah kuwu sangkan ci-rebon girang, nu asal embah pangeran panjunan, jisim kuring kudu melek, piwarangan ki ayip, melek papantunan nu digurit, taya lian, jisim kuring rek nyuhunkeun pitulungna, supayadiparengan berekah salamet, tandang waras waluya, ieu nu rek digurit papantunan, melek ti peuting, marteda ka gusti nu pasti, ka Alloh nu kawasa, ieu maksud-maksad, ngahaturi pangabakti ka wa dalem dingin, sabadegana, ka embah kuwu sangkan cirebon girang, nu asal embah pange-ran panjunan, nuhunkeun idin, ieu dumeh caritaan, bakal ditukil, turunkeuneun ka incu putra, kita mah nyuhunkeun widi, jisim kuring ngahaturkeun pangabakti, saeutik-eutik-keun ge disuhunkeun, ka wa dalem dingin sunan purba, ka sunan kalijaga, ka sang ratu dangiang, turunan widadari pa-tang puluh, tuakeun dagang isun, ka pangeran jurus, ka sangiang ringgit, ka guna kusumah, ka galuh adam babar bu-ana, ka sangiang rancasan, ka gending sanga gending, sanggakeun hatur pangabakti simkuring.

Ngahaturkeun pangabakti, ka nu boga kemitan, windu ieu, taun ieu, bulan ieu, poe ieu, peuting ieu, ngahaturkeun pangabakti.

Ngahaturkeun pangabakti, ka indung bumi, ka bapa langit, ka indung tilu, ka bapa opat, ka papat pangeran, ka opat pangeran dasar bumi.

Ngahaturkeun pangabakti, ka nu boga taun dalapan, bulan duabelas.

Ngahaturkeun pangabakti deui, jisim kuring, ka nu pa-ra dedemit sadaya, para dedemitbandung, nu cicing di tengah cai, di birit leuwi, di hulu dayeuh, jisim kuring nuhun-keun deui, rek ngahaleur picatur, mapaykeun caritaan.

Sim kuring ngahatur pangabakti, ka para dedemit sadayana, teu diwiji-wiji, saterasna hatur pangabakti, ka urang sawerga maniloka, ka para bujangga, para dewata, para pohaci, para widadari, ka ibu, ka rama, nu aya di sawarga maniloka, nuhunkeunwidi, sim kuring seja ngahaleur pitutur, mapaykeun caritaan.

Saterasna hatur pangabakti, jisim kuring, ngahaturkeun pangabakti, ka para wali, ka para nabi, para sahabat, ka para malaikat, ka para wali salapan, ka sapuluh walinunggal.

Jisim kuring ngahaturkeun pangabakti, saeutik-eutikeun nu disuhunkeun, mugi ulah janten kabenduan, margi dikota, bilih kurang jungkrang sareatna, saratna, mugi kersa ngahampura, dumeh ieu, lain ngarajah, lain munah, dumeh cariosan rek ditukil, pikeun pageto, turunkeuneun ka incu putu, ahirjaman, sakitu pihaturna saeutik, jisim kuring, bilih luput nyebut, salah ngucap, mugi kersa ngahampura, ka ituna, ka ieuna, ka sadayana bae, disuhunkeun pitulungna, su-paya berekah salamet, waras waluya, gampang balik, ti laer mandele, mustakil damel jati kaula, bisi deuleu papadang ati, ka ti pati samar, cocokna cop ka ati, estuning estulah saeutik, aki soleh soteh, nu aran di jero kurungan aing, sumebar papadang ati, laer barang, narowongan ka ati sun, ti ka ret, sakaol cet recet, ingetan digurat-gurat, timu deui sing kuring, sing kuring na tungtung biwir, sang karancang na tungtung letah, sang ratu...ratu gumilang, rasa sajagat, diri sang ratu luhung, sajagat kabeh, saca maruih inten, sarang tumeka ning badan, kandeg kalangsu, gunung timbal eleh, ka lawe laut, tangkalna ngaheuleut, pepet ka heuleut, gunung raksa cakrabancana, uklah sieuh beuteung ceurik, geus tueuk ceu-rik, geus pajeng munah bae, munahan jeung nyebutkeun, hula ilahuma, ijrail, minkail, isropil, jabrail, isun ring kong koncong, kiyen sadina mangku anggawa nur sakti, isun sakti, kawasa sakti, tak tibakena ciancamaya, wadukan hulu, cit peujit, darma mangjantenkeun, dipegateun jaman ratu maesa berhala, tipadaleman.

Bul putih ngaraning kukus, tampalirih ngaraning parukuyan, ratna gumilang ngaraning menyan, kukus aing me-nyan putih, kang ngelun ka manggung, ka sang rumuhun, ka guru putra hyang bayu, guriang tan katingalan, nu lungguh di lingga wulung, nu herang di lingga omas, nu calik dina lemah putih, putih aing jeung tarima, aing nginjeum ka sadang kasaktian, keur naon eta diinjeum, da herang dijero raga, nu putih tunggaling aing, nya aing nu tunggal putih.

Bul kukus aing ka handap, kahandapka sang nugrahan, ka basuka ka basuki, ka betara kabetari, ka betara naga raja, ka betari naga danti, pangmancatkeun aing ka sang windu-rarang, mangka terus ka nu ngasuh, mangka datang ka nu wenang, ngenta widi ti nu sakti, mun salah benerkeun aing, mun bener asuhan aing, ku pohaci windurarang, cacap pangkat disalin deui.

Iring-iring bukit jati, gunung rompang candra lentang, susukan tanjakan bankjaran kembang, nunjang ka bukit bu-rangrang, nyanghulu ka gunung guruh, cacap pangkat disalin deui.

Ahung ku sang rarawana, rawana huriping beurang, tilu pangkat majar ahung, ahung lungguh tanpa buana, aci bumi, aci buana, aci tumang balang paksa, nya sia mah nya nurmaya, ret ka manggung, ret nangkuban, nu hejo awaking, neut malik ti luhur, teu kenging kaluluhuran, teu kenging kalelengkahan, awaking nu seda sakti, awaking nu seda leuwih, dungkuk aing dungkuk sang yuga, sang yuga sang racik seda, nya sia mah nya nurmaya, ret ka manggung, hurung batan kanjut ruyung.

Mambrang batan candradita, putih batankembang pacing, ti pakuan renta danti, siliwangi nya pakuan, siliwangi ti pakuan limbangjaya.

Kocap, cihaliwung nunjang ngidul, cisadane nunjang ngaler, nunjang ka bukit burangrang, nyanghulu ka gunung guruh, ci peucang ka tebeh wetan, ti tengah cirancamaya, pamuruyan gajah putih, kiruh ti hilir ti girang, ti tengah cinembarang herang, gunung manik mandala tiga kapanten, eusina dewata dua, dua sarerah sagala, keur meujeuh nu ngukus muja, nya kudu make parawanten, make dicokotan deui, ditibakeunna ka tarekate dunia, dalem tapa tarekate nya dunia dalem tapa seuweu ratu nu lalembut, lembut batan me-rang buuk, badag batan merang henca, nu lembut mah seu-weu ratu, nu badag seuweu kaula, sup asup kana parungpung buuk, didamaran tengah poe, parandene teu kadeuleu, sang ku paeh oray buana, ti manggung, sup asup ka pusereun agung, aya di manggung, sang ku paeh oray buana ti handap, aya di handap, neukteuk beuheung rawana, kula teh megat-keun apus, kumendeng megat jalan kumarintang, bisina mada-madawi, da aing mada-madawi, tes manetes, maya mas, maya lenggang kancana, aing nu nangtung si nguwung-ngu-wung, si dengdang si ngawang-ngawang, dingaran sumangga wenang, nya aing si anggawenang, ratu patanjala seda, aing nu wisesa di buana pancatengah, basa nyusuk cihaliwung, basa mengkong cisadane, ngababakan di jambudipa, ngadu-dukuh di jambuluwuk, sang batara susuk tunggal, nya aing katelahna, sang batara susuk tunggal.

Neda agung nya paralun, neda panjang pangampura, ka sang ratu teja gelangan, cacap pangkat disalin deui.

Ahung buta kasundulan, ahung buta kasunian, hol bumi, hol langit, hol manusa, hol setan, manusa lawas, setan lawas, pada sirna, salamet ta kula mipir baribis, ulah sindang barang geusan, cacap pangkat disalin deui.

Ahung guruh limanputih lalakina, ahung guru sang seda malela, ahung guru sang seda tunggal, sang tunggal sang rajah punah, sang punah sang darma jati, tanah lemah tukuh bumi, tukuh buana, dat musna sirna, ilang tanpa ka-rana, mulya kara-kara ista, ora bayane, cacap pangkat disalin deui.

Ahung guru pucuk hyang bayu, sang pamunahing rajah, hyang nu seda mah puguh bae, maha mulya, pangmu-nahkeun aing itu, pangmunahkeun aing ieu, hyang wisesa, ratu wisesa, aing nu wisesa di buana pancatengah, langit munah, bumi munah, ka punah kapara wisesa, kawisesa ku awaking, sumuwuh pamunah ratu, ngabalungbung tampa puhun, cacap pangkat disalin deui.

Hurip nu ngarajah, mangka hurip nu dilalakonkeun, hurip jaya di buana, hurip jaya di kurungan, asup sukma bayu ka kurunganana, hurip jaya di buana, hurip jaya di kurungan, kantun neda mulus rahayuna, sadayana, marteda ka nu kawasa, agung kula nya paralun,neda panjang pangam-pura, cacap pangkat disalin deui.

Raden Panji arummangu, raden palawiru, raden kian santang, isun jaluk sora sia, sunda becik, sunda ngawih, sunda babut, iku teka gustine raratu galuh, cacap pangkat disalin deui.

Kun paya kun, babu awah, bapa adam, usik nyaring sari nu kasih, neut hudang sarinu rarang, kula mung neda ngaapal, pangaitkeun aing kacapi, mangkana tanghi ti peuting, mangkana hudang ti beurang, mana usik ku pamilih, mana hudang ku tarima, mangka harus batan calung, mangka ngear batan gangsa, roh betan kaula, ngaler-ngetan sora nu reh, sora daek jeung kacapi, nya kacapi nya awaking.

Agung kula nya peralun, neda panjang da pangampura.

Caturkeun, urang cuang caritakeun, cuang diajar mupulihkeun nu bihari, mopoyakeun nu baheula, diguratkeun, diguritkeun, kana pucuk gebang pondok lontar, ecekan guguluntungan, sabeulit tamba pamali, sakecap tamba buagan, tamba lebur pituturan, tambailang kalagian, bising aya jurig anu nyiliwuri, bising aya setan anu ngewa-ngewa, tamba sepi nu di bumi, tamba rehe nu dibale, tamba euwah-euwah da-tang, palias kula ngadatangkeun mah, da teu nerus narutus, narajang alas, da puguh lungguhing galuring pantun, ngahudang ngaraga wayang, ngembat papatan caritana nu ba-heula, neda agung kaula nya paralun, neda panjang pangam-pura, bakalan kajenggut tuang kukuncung, kajambak tuang paparas, kacokot tuang jojompong, kahudangkeun tihang panggung, kakipaskeun taken wayang, ti mendi picaritaeun, ti citeres, ti kahiangan, citeres ti kahiangan.

Cupu dicupuan deui, diwadahan ku cupu manik, eh.. astagina, dituruban ku mandepun, ditilaman ku sarat tangan, sok teundeun di handeuleum sieup, tunda eta di hanjuang siang, paranti neundeun carita.

Nyokot bari ninggalkeun, palias ditunda dinya, diteundeun di jalan gede, handapeun caringinkurung, dibuka ku nu maliwat, gebyar, ku nu sakti tan kabudi, ku nu seda tan kabuka, ku nu bisa ngabujangga, nu rancage di angenna, weruh-weruh wijaksana, suksila raja betara, agung kula nya paralun, neda panjang da pangampura, eusina mustika jalma, tambahan ti citeresan, ti citeres, ti kahiangan, di ngaran panji haleuang, pating derengdeng, pating haleuang, nu menta dilalakonkeunana, eusina putra patutan, putra patimu jeung ratu.

Palias kula mun nyaturkeun menak ti sabeulah wetan, watekna mah bising perang tampa sangkan, merangan geger landesan, niat kaula megatkeun ka tampa laranganana.

Palias kula mun nyaturkeun menak ti sabeulah kidul, watekna mah bilih perang tampa puhun, merangan geger landesan, niat kaula megatkeun ka tampa laranganana.

Palias kula mun nyaturkeun menak ti sabeulah kaler, watekna mah bilih perang tampa seler, merangan geger landesan, niat kaula megatkeun ka tampa laranganana.

Palias kula munnyaturkeun menak ti sabeulah luhur, watekna mah bilih perang tampa pulur, merangan geger landesan, niat kaula megatkeun ka tampa laranganana.

Palias kula mun nyaturkeun menak ti sabeulah handap, watekna mah bilih perang tampa sadap, merangan geger landesan, megatkeun kaula ka tampa laranganana.

Seja kula rek diajar, nyukcruk seuweu ratu nu bahayu, rek mapaykeun seuweu raja nu baheula, anu tuhu urang caturkeun,anu gelar urang caritakeun, pan luput kula ba-yuan, mun salah kula pagahan, mun bener kula asuhan, pindingan, neda agung nya paralun, neda panjang pangampura, ka sadaya nubakal dicarioskeun.

Salian ti ratu kulon, lamun kulon kadi katon.

Tanjak barat ka pajajaran, nu ngujur dina pangambung, nu salat dina pangucap, nu ngancik dina panitih, seler patih ranggalawe, nu calik dina panitih, nu seler ti ranggalawe, nu tirih ti siliwangi, pencaring ti mundingwangi, pencaring ti mundingwangi, diseuweuan da ratu agung, nu agung di gunung bubut, nu muter di karantenan, nu calik di gajah depa, pangcalikanana ku kuningan, kuningan direka munding, tambaga direka kuda, emas direkakeun gajah, panjangna sadeupa mider, direkakeun gajah depa, eukeurna kumpul mungpulung, sacekan sareanana.

Ngariung para nu jangkung, ngajajar …

Ujaring cinarios, lampah ratu kembang panyarikan, "mas ratu!, nam buru-buru urang bisi kalepasan, cundukkeun ka ratu, sebakeun ka nu jadi raja".

"Kakang bakal sim kuringmah, ti tadi ge moal daek cunduk ka ratu, moal daek seba ka raja, sebab lengoh ka-lempohan, kadar mawa puyuh sahiji, ngerakeun ku deu-ngeun-deungeun, wirang temen ku deungeun-deungeun, tinimbang ka ratu, terus ka raja, urang cuang pulang deui bae, ka nagara urang."

"Beu..ana kitu, temen maneh hayang mawa, naon nu dibawa?"

"Kakang bakal sim kuring mah, daek-daek dicunduk-keun ka ratu, disebakeun ka menak, ulah peuting, ulah beu-rang peuting ge mangga, lamun mawa anjung-anjung wesi jimat, eusinamunding bulu hiris, kuda bulu landak, embe bulu songket, kalicangket jangjang mayang, papatong jang-jang salaka, jeung bokor salongo, eta kaula daek, lamun mawa barang eta, cunduk ka ratu seba ka menak..mangga."

"Beu..payung agung gelang gading, ari ngucap sok sembarangan, di mendi atuh nu kitu ayana?, si kakang sapanjang namgtung bumi, nunjang lemah..kakara ngadenge, anjung wesi bagbagan wesi jimat."

"Inggih duka ayana mah dimana..kakang bakal, da kaula ge teu terang, ngan bae numutkeun ari aya ngaranna mah, kudu aya banda barangna."

"Bener ceuk pangucap mah gampang, biwir handap jeung nu luhur, tapi nu enya di endi ayana eta?, perkara jimat anjung wesi bagbagan wesi."

"Teu langkung sakumaha pangersa sampean, kakang bakal, lamun bae keresa maha, mangga ilari,teu kersa mah sawios, mangga urang cuang pulang deui bae, ka nagara urang."

Ditinimbang ku raden, "tinimbang kami teu tepung deui jeung ratu, teu tepang deui jeung raja, kajeun teuing te-lat di jalanan.

Peklamun maneh tetela, hayang dibelakeun ku si ka-kang, mangka daek ngantian di dieu, di mega malang!"

"Inggih..mangga kakang bakal, kula ngantosan, ulah samarganing taun..bulan, najan windu kula moal welwh ngantos, di dieu di mega malang."

"Pek ulah undur kalayuan, ulah leumpang kalayatan, yen kakana teu acan datang, cirining teu acan hasil pamak-sadan."

"Inggih mangga kang bakal, kula sanggem ngantosan", "tutug timus perele panteg, kakang ayeuna widian..bayi, sar-ta dungakeun."

"Mangga..rek angkat, muga-muga salamet sampean nu angkat, nu dikantun kula, muga-muga diparinan salamet, sarta muga-muga sing laksana paneda, sing hasil nya pa-maksadan."

Kacarios ratukembang panyarikan, gadang ngantun-keun saderek, payung agung gelang gading, di mega malang.

"Permisi mas ratu", "mangga launan..leuleuyan, sam-pean kang bakal".

Kcarios, ratu kembang panyarikan, ti mega malang, kolear..., kolear..., kolear..., kamana nya ragrag?, kacarios buana pancatengah kaliwat, bening kesit mudunna, paralak, kolear..., gejlig.

Ka mana raden nya mudun?, kacarios mudunna raden, ka nagara buana larang, handapeun buana tengah, kuda ramenantak gajah ramenantak, nu kasebat.

Sasumpingna raden ka nagara buanan larang, langlang-lingling, kumis baplang sangga dulang, jalma nu taya ka-inggis karisi, taya karempan taya kasieun, ratu kembang pa-nyarikan.

"Adi..kuda ramenantak!, gajah ramenantak!, dewek datang teu dihormat adi!"

"Ieung..pangampura..lanceuk, pamugi-mugi hampura, kana kaluput-lepat kula, bagea sampean!", "neda adi!", "Tas ti mana sampean?", rek ka mana..raka?

"Dewek nu matak ka dieu datang, rek namyakeun kamaneh, coba-coba dewek menta anjung wesi, bagbagan we-si, eusina kuda bulu landak, munding bulu hiris.

Embe bulu songket, kalicangket jangjang wayang, papatong jangjang salaka, jeung bokor salongo, sok..lamun gableg, sia serahkeun ka dewek, lamun teu gableg, ancur lemburna, bebas nagara disambut, diwuluku digagacek… diurus ku dewek!"

"Ieung..raka ari sampean, sok ngaget-ngaget ka kula, bujeng-bujeng kula ngagaduhan nu kitu, ngaranna ge kula kakara nyaho, anjung wesi bagbag jimat."

"Sok adi serahkeun ka dewek, ulah bobad ula goro, serahkeunadi!"

"Inggih kula teu ngagaduhan, bilih sampean teu percanteun mah, mangga ilari di patempatan kula, goletrak teu aya naon-naon."

"Maneh diperih pati, dipalar modar ku dewek, ayeuna luput teu bisa nyerenkeun buktina, anjung wesi bagbagan wesi, menta beja di mana nu aya, bejakeun ka awak sok!"

"Ieung..kaula nu matak ge teu ngadenge-denge, bejana nu bogaeun."

"Sok bejakeun ka dewek!, ulah bohong ulah bobad, ramenantek!, lamun teu mere barangna, teu mere bejana, ancur leburna, bebas nagarana disambut, diwuluku… digagacek, diurus ku dewek!"
"Ieung..inggih kula mah, da teu ngadenge-denge beja-na."

"Piraku adi?, sok bejakeun ka dewek..sok!"

Kuda ramenantak gajah ramenantak, bakating ku sieun, dumeh aya ponggawa kitu petana, kapaksa.

"Ieung..raka!, tapi sampean poma-poma, lamun sampe bisa laksana, ulah bebeja meunang kabar ti awak."

"Moal adi!, sok bejakeun!, sok! sok!"

"Kula ari terang mah henteu, ngan ngadenge beja wungkul, eta nubogaeun anjung wesi, bagbagan wesi jimat saeusina, kajaba di nagara buananyungcung, kasebat nu bo-gana, kasebat tumenggung rangga walian..raka."

"La-la-la..ari buana nyungcung, lebah mendi adi?", "ieu handapeun buana kula, salapis deui", "beu..naha handapeun negara maneh, aya deui buana?"

"Inggih ceuk beja mah aya, hiji nagara galendor, anu gaduhna enjang buana, kaduana buana nyuncung, nu gaduh-na tumenggung rangga walian."

"Ceuk beja di dieu nu boga?", "enggih leres..raka, ngan sampean upami datang ka sampe bisa, eta nyandak jimat, peupeujeuh ulah bebeja, yen meunang beja ti awak".

"Na hade..adi?", "aduh..sing heman, sebab eta tu-menggung rangga walian, kocapna gagah, teuas tulang liat kulit, totosa bojana kulit, alamat sieun dirurug nagara ku-la..raka!"

"Beu..kitu adi?", "enggih..leres", "ayeuna dewek permisi adi!", "rek ka mana raka?, alon heula masing tetela, masing nyata", "dewek rek ka nagara buana nyungcung.. adi!"

"Inggih leres alon heula, tapi eta perkara di nagara buana nyungcung, tumenggung rangga walian, tohaga perkawis nu jaga negara, pagerna ge paripaos lain awi,lain kayu, lain batu, lain waja, lain beusi", "kutan? ku naon pagerna..adi?".

"Kacarita kupara ponggawa bae, saputer karaton nyi-ger, matana lir mata simeut, sadaya pada batoton, nyandak pedang jeung tumbak, gada racak, nyiger saputer karaton, sampean kinten-kinten sanggup?"

"Jah..sagala sapira sipil!", "lian ti eta aya deui raka!", "naon adi?", "kacarios aya oray laki, sagede catang kalapa, sampean moal sieun?", "ah..sapala-sapira-sipil!","aya deui raka!", "naon adi?", "tiwuan ge sagede hayam bibit, sampean kinten-kintenna moal sieun?", "ah..sapala-sapira-sipil!", "aya deui raka!", "naon adi!", "waliwis putih sagede tampir, sampean moal sieun?", "sapala-apira-sipil!", "lian ti dinya aya deui raka!", "naon adi!", "hileud sagede gulungan kasur!, sampean moal sieun?", "ah..sapala-sapira-sipil!", "aya deui raka!", "naon adi?", "kacaraios ietuk jimat kabuyutan, ngagolang di tengah jalan!", "sapala-sapira-sipil!", "aya deui raka!", "naon adi!", "kampaan beusi ngahalangan jalan, nutup muka ku manehna, sampean kira-kira bisa ngarepeh-keunnana?", "ah..sapala-sapira-sipil!"

"Tah ku kituna raka, lamun sanggem sampean, jeung eta perkawis nu jagana, ponggawa saputer karaton, sakuriling bangking, pada nyandak pakarang, sampean moal si-eun..raka?"

"Ah..sapala-sapira-sipil!", ceuk kuda ramenantak, jero atina,"beu..ieu jalma, kitu sipilkieu sipil, kumaha carana, atawakumaha ieu jalma kanyahona?", aneh kuda ramenan-tak.

"Aya deui adi?", "enggeus sakaterang kula sakitu, cek bejana bae, da kula terang mah henteu", "ah..ayeuna dewek permisi..adi!", "rek ka mana sampean?", "rek ka buana nyungcung!", "inggih..mangga raka, tapi poma-poma upama sampe dugi ka hasilna, ulah nyebatkeun meunang beja ti awak..raka!", "moal adi!", "sebaba kula sieun dirurug, ku urang nagara buana nyungcung, anu katelah rangga walian", "moal adi!"

Kacarios, ratu kembang panyarikan, tutug timus parele panteg, meunang kabar beja, ti kuda ramenantak gajah rame-nantak, lajeng matek ajian panerus bumi, dilalarkeun kalimahna, byar.

Ngemplang narawangan, copong molongpong, siga anu mere jalan ka handap, ti nagara buana rarang, lajeng raden teh mudun, ti buana rarang, kolear..., kolear...

Kacarios, nyorang ka nagara galendor, nu gaduhna enjang buana.

"Wah..ieu ponggawa endi?, ka wani-waningambah ka nagara dieu, kapan kula kabawah perentah, ku tumenggung rangga walian..gih, aya terus kalakuan pan balik!, kon ba-lik!"

Kacarios teu diitung najan buta sagedena, bakat kesit, ratu kembang panyarikan mudunna, disepak buta, jeblag!, blak nangkarak, lajeng raden mudun terus, kolear...

"Wakadalah..ponggawa, kan maksa-maksa, maksa-maksa temene sabodo..ponggawa!"

Kacarios raden, launa mudun terus, kolear..., kolear..., gemblung.

Datang kanagara, kasebat nagara buana nyngcung, handapeun nagara, nagara buana pancatengah.

Raden rut-ret ningali, kulon wetan, kaler kidul, barang ningali ka karaton, nyata wadya bala ponggawa, saputer karaton nyiger, matana lir mata simeut bae, pada batoton, nyangking keris, nyandak pedang reujeung tumbak, jeung gadana.

"Beu..tetela nyata, teu salah cek beja..yeuh!", teu ana paran solonong, oray sagede catang kalapa!", "o-o-lakada-lah", "kok! kok!", "teu salah ceuk beja, oray sagede catang kalapa!"

Raden sanggeus patepang jeung oray, ditonjok oray, jebot!, goletak modar, "wah teu sapira kadigjayaanana oray!"

Aya welis sagede tampir, riab cekot, riab, riab, riab..., ditampiling welis, jeblag!, goletak mati, "wah teu sapira kadigjayaan!"

Aya tiwuan sagede-gede hayam bibit, ngong!, ngong!, diteunggeul ku peureup, jebot!, goletak modar, "tiwuan teu sapira mati!"

Nilai Budaya
Nilai budaya yang terungkap pada Carita Pantun Kembang panyarikan mencakup nilai: solidaritas, agama, politik (kekuasaan), sosial. Nilai solidaritas tercermin tatkala Prabu Rangga Kancana mengetahui adiknya Nyi Sumur Bandung diculik oleh orang dari Negara Gangsalwayang. Sebagai seorang kaka yang senantiasa ber-kewajiban membantu, membimbing, dan mengarahkan adiknya agar menjadi orang yang berguna, merasa terpukul keti-ka adiknya diculik. Apalagi penculikan itu menimpa kerajaan yang selama ini dijaganya dengan ketat, hal itu merupakan suatu penghinaan sebab ia adalah penguasa Kerajaan Kuta Kancana. Sebagai kakak ia ingin menyelamatkan adiknya dan sebagai kepala Negara ia pun ingin menghapus nama baik-nya. Berangkatlah menuju Negara Gangsalwayang, sesampainya di sana ia memanggil orang yang menculik adiknya untuk menuntut pertanggung jawabannya. Selain itu, tercermin dalam konteks Tumenggung Rangga Walian dari Negara Buana Larang yang merasa kehilang putrinya Panggung Wayang beserta kekayaan kera-jaan (anjung-anjung). Putri Panggung Wayang diboyong Kembang Panyarikan untuk dijadikan permaisuri Baginda Raden Aria Aliman. Nilai ini juga tercermin dari apa yang dialami oleh Kembang Panyarikan yang nyaris kalah ketika bertempur dengan Kuda Gagana. Anak Sulungnya, Gagak Nabrang yang berada di Sagara Puser membantu ayahnya mengalahkan Kuda Gagana.

Nilai agama tercermin dalam episode episode yang menerangkan bahwa Pangeran Kuda Ga-gana baru saja selasai bertapa. Bertapa selama dua tahun lebih, hal ini muncul dari jawaban Nyi Sumur Bandung ketika ditanya oleh tunangannya, Pangeran Kuda Gagana, kenapa menghianati. Ia menjawab bahwa setelah ditunggu-tunggu setahun dua tahun ternyata Kakanda tidak datang juga. Padahal waktu itu Pangeran Kuda Gagana sedang bertapa. Selain itu menurut pakar sejarah bahwa kerajaan Pajajaran menganut agama Hindu, oleh karena itu raja-raja dan turunannya termasuk Baginda Raden Aria Aliman adalah penganut Hindu. Boleh jadi pada masa itu kerajaan-kerajaan di tatar Sunda beragama Hindu pula.

Nilai politik (kekuasaan) tercermin dalam episode ketika Baginda Raden Aria Ali-man Guru Dewata menginginkan gadis cantik dalam impiannya, Nyi Sumur Bandung menjadi permaisurinya. Keinginan Raja saat itu harus dapat terlaksana. Namun dia tidak bertindak diktator dan otoriter seperti yang biasa dilakukan para raja tempo dulu. Beliau ingin mewujudkan cita-citanya dengan arif dan bijaksana. Tatkala memerintahkan kedua patihnya untuk membawa Nyi Sumur Bandung, dan diketahui keduanya tidak sanggup. Maka dicarikan jalan lain. Diadakanlah pesta raja untuk mencari orang yang dapat menunaikan misi berat ini. Nilai ini juga tercermin dalam kerajaan yang bersifat monarki. Biasanya keputusan raja adalah segala-galanya, segala ucapannya adalah perintah, aturan, hukum, dan pandangan hidup. Dari sistem monarkhi akan muncul dua kemungkinan. Kemungkinan pertama sistem pemeritahan akan diktator dan otoriter, karena rajanya dapat memerintah sekehendak hati. Selain itu tidak ada payung hukum yang dapat mengendalikan sistem ini. Ada pula kerajaan yang arif dan bijaksana, karena walaupun ia memiliki kewenangan sepenuhnya namun dapat dikontrol oleh nuraninya. Biasanya karakter kerajaan demikian muncul dari raja yang besar, penuh pengalaman, dan religius.

Raja Gangsalwayang, Raden Aria Aliman termasuk raja yang memerintah dengan arif dan bijaksana. Selain itu ia memiliki taktik politik yang halus dan cerdas. Hal itu terlihat karena cara memperluas wilayahnya dilakukan dengan cara rapih dan halus yaitu dengan mencari putri para penguasa lokal ataupun kerajaan untuk dijadikan permaisurinya. Para raja yang berhasil ditaklukan melalui tangan Kembang Panyarikan tidak dihukum dan dijadikan tahanan politik akan tetapi diangkatnya menjadi patih kerajaan. Begitu juga untuk mencari orang yang dapat memperluas wilayahnya dilakukan dengan cara undangan, mengadakan pesta. Kemudian orang tersebut diemban tugas berat, jika berhasil maka orang itulah yang diandalkan untuk memperluas wila-yah, seperti yang dilakukan oleh Kembang Panyarikan. Tak-tik demikian ternyata sangat efektif.

Sumber:
Purnama, Yuzar.2006. “Analisa Struktural dan Nilai Cerita Pantun Kembang Panyarikan dari Kabupaten Ciamis” (Laporan Hasil Penelitian Balai Kajian Sejarah dan Nilai Tradisional Bandung, 2005)


1 Pantun pada masyarakat Sunda berbeda dengan pantun dalam kesusasteraan Melayu. Pantun Melayu bentuknya berupa kalimat-kalimat yang terdiri atas sampiran dan isi yang biasanya memiliki jumlah baris empat atau dua. Jenis kesusasteraan seperti ini di dalam kesusastraan Sunda dinamakan sisindiran. Sedangkan, yang dimaksud ceritera pantun adalah ceritera atau dongeng yang relatif panjang (jika diper-gelarkan menyita waktu semalam suntuk). Bentuk bahasa yang digunakan prosa liris yang biasa dikawihkan atau dideklamasikan oleh juru pantun dengan diiringi instrumen pantun yang hanya menggunakan alat kecapi. Dalam ceritera pantun biasanya terkandung unsur-unsur kesejarahan, asal-usul terbentuknya suatu tempat, kepahlawanan, pendidikan, dan lain-lain.

2 Ke-76 carita pantun itu adalah: Ciung Wanara, Lutung Kasarung, Sulanjana (Trisadana), Jaka Susuruh, Munding Laya Di Kusumah, Ngadegna Pajajaran, Ratu Pakuan, Sangkuriang, Sumur Bandung, Kidang Pananjung, Badak Singa, Rangga Gading, Langgalarang, Siliwangi, Haturwangi, Langgasari Ko-lot, Langgasari Ngora, Paksi Keling, Kembang Panyarikan, Raden Tegal, Kuda Wangi, Panambang Sari, Kidang Panandri, Gajah Lumantung, Bima Wayang, Rangga Sena, Ba-nyak Catra, Demung Kalagan, Panggung Karaton, Perenggong Jaya, Gantangan Wangi, Budak Manjor, Kembang Panyarikan, Buyut Orenyeng, Munding Liman, Dalung Kusumah, Jagal Baya, Lasmaya, Rangga Lumintang, Sari Laya, Sutra Kalang Gading, Surulukan Macan, Mitra Wangi, Malang Sari, Rangga Malela, Nyi Pohaci Sang Hyang Sri, Badak Pamalang, Bima Manggala, Budug Basu, Burung Baok, Deugdeugpati, Jayaperang, Guru Gantangan, Kuda Gandar, Kuda Lalean, Layung Kumendung, Malang Sari, Ki Manjor jeung Nyi Gendruk, Manggung Kusuma, Matang-jaya, Munding Jalingan, Munding Mintra, Munding Sari, Langonsari, Manggung Kusumah, Matang Jaya, Munding Mentra, Jayamantri, Wentang Gading, Carita Lutung Leutik, Raden Tanjung, Rangga Sawunggaling, dan Rangga Sena.
Cara Pasang Tali Layangan agar Manteng di Udara
Topeng Monyet
Keraton Surosowan

Archive